Riwayat Singkat Ngadegna Pesantren Al-Muawanah Lebakwangi
Kajurung ku niat nu tos lami dikandung, cita-cita nu tos lami diseja, binarung jeung pamunutna para alumni santri Lebakwangi hoyong uninga sajarah ngadegna Pondok Pasantren Al-Muawanah Lebakwangi.
Di Kampung Kiarakoneng, Desa Pangadegan, Kacamatan Pagelaran, Kabupaten Cianjur aya pasantren anu di sesepuhanan ku Bapak Hannan sareng Ibu Hawa. Dina tahun 1887 M. kagungan putra wastana Muhammad Gozali. Ibu Hawa Pupus, Bapak Hanan nikah ka Ibu Eca.
Dina mangsa dewasa Muhammad Gozali masantren ka Pasantren Kopo (Cianjur), Cijerah (Bandung), Ganasoli (Sukabumi). Di Ganasoli nikah ka Neng Emun, lajeng dicandak ka Kiarakoneng. Mung teu lami, teras papirak, teras nikah deui ka Neng Inin. Kagungan putra dua, nyaeta Sulaeman sareng Nawawi.
Alam harita nu jadi lurah desa Pangadegan Jenenganana Raden Bratadireja (Juragan Bintang) putra Juragan Rangga anu janten Wadana Cisanawut Cililin Bandung. Nikah ka Enden Reksa putra Raden Ardipura lurah hormat desa Pangadegan. Raden Adipura teh wargi juragan Rangga, dupi nu jadi juru tulisna teh Raden Wiradireja rayi misan juragan Bintang. Linggihna di Santiong anu pernahna leresan SD Parigimukti ayeuna. Juragan Bintang hoyong gaduh kagungan pasantren oge milarian jalmi, anu diperyogikeun kanggo ajengan nana.
Dina hiji waktos juragan Bintang badanten sareng Raden Wiradireja, Raden Machmud, Muhammad Gozali rawuh sumping. Kaputusan nana Muhammad Gozali dijantenkeun sesepuh pasantren, pitempateunana dipaparin tanah di Lebakwangi ayeuna.
Muhammad Gozali harita teh nuju lalagasan teras ditikahkeun ka Raden Ny Maemunah (Ibu Emun) putra Raden Wiradireja.
![]() | |
Raden Ny Hj, Maemunah |
Santri Munggaran diantarana putra-putra juragan Bintang, Raden Barnas, H. Basuni, Bai, Empon, Munah, Uneh sareng anu sejen na. Sawatara taun ti harita Muhammad Gozali angkat ka Mekah ngalaksanakeun ibadah haji. Mulih ti mekah KH, Gozali tambih seueur santrina.
Taun 1932 M. Apa lahir, jeneganana Ujang Badri, Maret 1936 M. lahir putra istri namina Nyai Halimah. Dina taun 1945 M. Nyai Halimah nikah ka Ustadz Bami dina yuswa 9 taun. Ustad Bami ngadegkeun Madrasah Diniyah dina taun 1947 M.
Taun 1947 M. Apa masantren ka Salapeuteuy direncangan ku Sarbini, Taun 1948 ngalih ka Tanjung, diteraskeun ka Pasantren Cilaku.
Taun 1949 M. KH. M. Gozali pupus dina yuswa 62 taun. kumargi putra sareng mantu nuju masantren, santri diwuruk ku Ibu Emun dibantuan ku Ka Ba'i. Dupi santri harita diantarana Ust Rosidin, Herman, Sarbimi, Ka Amang sareng nu sejen na.
![]() |
KH. U Badri Tamam Gozali (APA) |
Taun 1957 M. Apa nikah ka Ny Masitoh putra H.Sarbini ti kampung Rawasampih. Dina taun 1960 M. dugika 1965 M. nuju riweuh DI-TII. Apa sareng Umi ngungsi ka Kp Ciranji, ngadegkeun pasantren Babakan Santiong. diantara santrina sapertos H. Enjang Sujana, Aep, Horidj, Mahpudin, Arud, sareng anu sejen na.
Taun 1969 dumasar kana hasil pamundut para sepuh, diantawisna kang Herman, Ua H. Roba'i, mang Hudi, kalayan hasilna jalaran tebih ka Masjid Pasantren, H Mujtaba ngadamel masjid langgar di parigi. nu kiwari diteraskeun ku mantuna, kang Sadili.
Taun 1972 M masjid pasantren dipugar, dupi nu ngabantosna ti tipa-tiap DKM luar Santiong. Tos rengse teras dijenenganan eta masjid sareng pasantren teh ku Al-Muawanah dugika kiwari.
Bersambung...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar